Kabupatén Sumedang legana 1.522,21 km², jumlah pangeusina kira-kira 1.043.000 jiwa nu dibagi kana 26 wilayah kacamatan, 262 désa sarta 7 kalurahan. Kabupatén Sumedang mangrupa daérah agraris nu lolobana pangeusina patani.
Topografi
lolobana wilayah Sumedang mangrupa pagunungan, kajaba sabagian leutik wilayah beulah kalér anu mangrupa dataran handap. Gunung Tampomas (1.684 m), aya di lebah kalér kota Sumedang.
Dayeuh ieu ngawengku kacamatan Sumedang diliwatan ku jalur utama Bandung-Cirebon.
Sajarah
Dina mangsa munggarannana, Kabupatén Sumedang mangrupa hiji karajaan di sahandapeun kakawasaan Raja Galuh nu diadegkeun ku Prabu pikeun Ulun Adji Bodas dumasar kana paréntah Prabu Suryadewata saméméh Karaton Galuh dipindahkan ka Pajajaran, Bogor. Luyu jeung parobahan jaman sarta kapamingpinan, ngaran Sumedang ngalaman sawatara parobahan. Anu kahiji nyaéta Karajaan Témbong Agung (Témbong hartina katempo sarta Agung hartina luhur) dipingpin ku Prabu Guru Adji Bodas dina abad ka-12. Saterusna dina mangsa jaman Prabu Tadjimalela, diganti jadi Himbar Buana, anu hartosna nyaangan alam, sarta saterusna diganti deui jadi Sumedang Larang (Sumedang asalna ti Insun Medal/Insun Medangan anu hartina kuring dilahirkan, sarta larang hartina hiji hal anu euweuh tandinganana).
Sumedang miboga ciri has minangka dayeuh kuna has di Pulo Jawa, nyaéta aya alun-alun minangka puseur anu dikuriling ku Masjid Agung, pangbuian, sarta kantor pamaréntahan. Di tengah alun-alun aya wangunan anu ngaranna lingga, tugu paringetan anu diwangun dina taun1922. Lingga ieu dijieun ku Pangeran Siching ti Nagri Walanda sarta dipersembahkeun ka Pangéran Aria Suriaatmadja pikeun jasa-jasana dina ngamekarkeun Kabupatén Sumedang. Lingga diresmikeun tanggal 22 Juli 1922 ku Gubernur Jenderal Mr. D. Folk. Nepi ka ayeuna Lingga dijadikeun lambang wewengkon Kabupatén Sumedang sarta tanggal 22 April dipieling minangka poé jadi Kabupatén Sumedang.[1]