Program Evaluation and Review Technique
![]() Program (atawa Project) Evaluation and Review Technique, ilaharna disingget PERT, nyaéta hiji modél manajemen proyek di dirarancang keur nganalisis tur nunjukkeun tugas nu kalibet pikeun ngarengsekeun hiji proyek. SawanganPERT nyaéta hiji cara keur nganalisis tugas-tugas dina raraga ngarengsekeun hiji proyek, hususna wanci nu dibutuhkeun keur ngarengsekeun éta tugas, sarta ngidentifikasikeun wanci pangsaeutikna pikeun ngarengsekun sakabe proyek. PERT dimekarkeun utamana keur ngabasajankeun rarancang jeung jadwal tina hiji proyek kompleks nu gedé. PERT bisa ngahijikeun kahenteupastian ku jalan ngamungkinkeun ngajadwal hiji proyek sok sanajan henteu nyaho sagemblengna detil jeung lilana sakabéh aktivitas. PERT leuwih mangrupa hiji tehnik nu orientasi kana event tinimbang orientasi kana mitembeyan jeung rengsena, tur dipaké dina hiji proyek nalika wanci mangrupa faktor utama tinimbang béaya. Diterapkeun kana infrastruktur nu kacida gedéna, saharitaeun, kompleks, jeung henteu rutin sarta proyek-proyek panalungtikan jeung Pangembangan. modél proyek ieu harita mangrupa modél munggaran dina golonganana, binangkitna deui manajemen saintifik, nu kapanggih ku Frederick Taylor "Taylorisme" jeung dihadéan ku Henry Ford "Fordisme". Critical path method Pausahaan DuPont kapanggih dina wanci nu ampir sarua jeung PERT. Tempo ogé
Rujukan
Bacaan salajengna
Tumbu kaluar |