Tampakna do rantosna, rimni tahi do gogona Citakan:Lang icon Dengan persatuan dan kesatuan serta rasa kebersamaan untuk saling membantu dan bekerja sama, apa pun yang diharapkan akan dapat dicapai[1]
Kabupatén ieu diadegkeun dumasar kana Undang-Undang Nomor 12 Taun 1998 ngeunaan diadegkeunna Kabupatén Daérah Tingkat II Toba Samosir jeung Kabupatén Mandailing Natal, di Propinsi Daérah Tingkat I Sumatera Utara. Kabupatén anu saméméhna mibanda ngaran Toba Samosir ieu mangrupakeun pamekaran ti daérah tingkat II Kabupatén Tapanuli Kalér. Dina tanggal 3 Maret2020, Kabupatén Toba Samosir robah ngaranna ngajadi Kabupatén Toba dumasar kana Paraturan Pamaréntah Nomor 14 Tahun 2020 ngeunaan parobahan ngaran Kabupatén Toba Samosir ngajadi Kabupatén Toba di Sumatera Utara.
Kabupatén Toba Samosir dimekarkeun ti Kabupatén Daérah Tingkat II Tapanuli Kalér sabada ngaliwatan waktu anu cukup lila jeung ngaliwatan rupa-rupa prosés, dina tungtungna ngawujud jadi hiji kabupatén anyar dumasar kana Undang – Undang Nomor 12 Taun 1998 ngeunaan diadegkeuna Kabupatén DATI II Toba Samosir jeung Kabupatén DATI II Mandailing Natal di Daérah Tingkat I Sumatera Utara.
Dina ngamimitian ngadengna, kabupatén ieu diwangun ku 13 (tilu belas) kacamatan, 5 (lima) kacamatan pembantu, 281 désa jeung 19 kalurahan. Lila kaliaan bari jeung lumakuna pamaréntahan di kabupatén ieu jumlah kacamatan ngarandapan parobahan lalaunan. Dina awal taun 2002 diadegkeun 5 kacamatan anyar anu tayalian pendefinitifan 4 (opat) kacamatan pangrojong nganjadi 4 (oppat) kacamatan définitif tur ngadegkeun deui 1 (hiji) kacamatan anyar. Kalima kacamatan ieu tayalian Kacamatan Ajibata, Kacamatan Pintu Pohan Meranti, Kacamatan Uluan, Kacamatan Ronggur Nihuta jeung Kacamatan Borbor.
Ieu pamekaran kacamatan téh tuluy ngeureuyeuh nepika taun 2002, ogé ku ayana aspirasi masarakat anu cukup kuat dina nepikeun pamekaran Kacamatan Harian ngajadi dua kacamatan tayalian Kacamatan Harian jeung Kacamatan Sitiotio salaku kacamatan pamekaran anyar. Kuatna aspirasi pikeun ngadegkeun kacamatan ieu disingareupan kalayan hadé ku Pamarintah Kabupatén Toba Samosir alatan dirojong ku bukti-bukti kaayaan di masarakat naha kaayaan géografis wilayah jeung kaayaan anu séjéna, nepika antukna Pamaréntah Kabupatén Toba Samosir netepkeun hji Kaputusan Bupati Toba Samosir ngeunaan diadegkeunna Kacamatan Sitiotio miheulaan Paraturan Daérah, sabadana meunang idin prinsip ti DPRD Kabupatén Toba Samosir dina taun 2002. Kaputusan Bupati ieu dikuatkeu ku ditetepkeuna Paraturan Daérah Nomor 13 Tahun 2003 ngeunaan diadegkeuna Kacamatan Sitiotio di Kabupatén Toba Samosir.
Kabupatén Samosir Dimekarkeun ti Kabupaten Toba Samosir
Kamekaran jeung ngadegkeun wilayah téh henteu nepi ka dieu waé, parobahan–parobahan lain beuki loba saperti ayana kahayang ngamekarkeun deui kabupatén Toba Samosir ngajadi 2 (dua) kabupatén. Aya deui ku nempo kaayaan sosial, ékonomi jeung politik anu aya mangsa kiwari. Masarakat miharep Kabupatén Toba Samosir dimekarkeun deu ngajadi Kabupatén Toba Samosir jeung Kabupatén Samosir (ngalimpudan sakabéh kacamatan anu aya di Pulo Samosir jeung sawaréh sisina Dano Toba di Daratan Pulo Sumatra palebah kulon Pulo Samosir) kalawan maksud jeung tujuan sangkan ngahangkeutkeun pangwangunan pikeun nyajajarkeun diri jaung daérah lianna. Aspirasi anu tuluy ditepikeun ku masyarakat ieu henteu nunggu waktu anu lila, antukna dina taun 2003 Kabupatén Toba Samosir dimekarkeun deui ngajadi Kabupatén Toba Samosir jeung Kabupatén Samosir anu diresmikeun dina kaping 7 Januari2004.
Tisaprak tos diresmikeun ieu Kabupatén Samosir, wewengkon Kabupatén Toba Samosir ngurangan alatan wilayah kacamatan anu aya di Pulau Samosir jeung sabudeureuna. Sarta tikawit kaping 7 Januari 2004, Kabupatén Toba Samosir tadina 20 Kacamatan, 281 Désa sareng 19 Kalurahan ngarandapan parobahan ti kawit jumlah kacamatan, désa sareng kalurahan, jumlah pangeusi, lega wilayahna, sareng wates – wates wilayah ngajadi 11 Kacamatan 179 Désa sareng 13 Kalurahan. Sedangkan Kabupatén Samosir ayeuna aya 9 Kacamatan, 102 Désa sareng 6 Kalurahan.
Pamekaran kacamatan
Pamekaran wilayah satuluyna aya di Kacamatan Silaen kalayan medalna Kacamatan Sigumpar. Loba alesan jeung kaayaan anu mangaruhan dilaksanakeun nana pamekaran wilayah kacamatan di Kabupatén Toba Samosir, diantawisna: lega wilayahna, jarak ka puseur dayeuh Kabupatén, géografis, sarta dikaitkeun ogé jeung kaayaan anu ka tinggaleun ti daérah séjén dibarengan kuayana kahayang tur tungtutan masarakatna sorangan. Aya sababara hal anu némbongkeun kuatna aspirasi masarakat pikeun maju, antawisna katempo dina masarakat Kacamatan Borbor anu mana paménta pamekaran téh dituturkeun ku masrahkeun lahan tempat kantor-kantor jeung nyadiakeun sarana gedong kantor kacamatan anyar sacara swadaya ku masarakat. Kaayaan ieu ditempo ku pamaréntah salaku bukti kadariaan masarakat anu mikahayang wilayahna dimekarkeun ngajadi kacamatan anyar.
Dina taun 2008 ogé aya deui pamekaran kacamatan alatan gedéna aspirasi masarakat dina ngarojong pamarétahan ngalaksanakeun pangwaangunan. Aya ogé kacamatan anu dimekarkeun tayalian Kacamatan Parmaksian pamekaran ti Kacamatan Porsea jeung Kecamatan Bonatua Lunasi pemekaran tiKacamatan Lumban Julu. Dina taun 2008 ogé geus dilaksanakeun pamekaran désa anu lobana dua puluh opat désa.
Pilkada Toba 2010
Dina kaping 12 Méi 2010 Kabupatén Toba Samosir ngalaksanakeun pamilihan Kapala Daérah jeung Wakil Kapala Daérah pikeun masa jabatan 2010 – 2015. Dina Pilkada anu dilaksanakeun sacara démokratis anu dimeunangkeun ku pasangan Pandapotan Kasmin Simanjuntak jeung Liberty Pasaribu geus hasil meunang sora panglobana.
Pilkada Toba 2015
Pamilihan umum Bupati Toba 2015 dilaksanakeun dina kaping 9 Désémber2015 pikeun milih Bupati sarta Wakil BupatiKabupatén Toba période 2015-2020. KPUD Kabupatén Toba sabada netepkeun tilu pasang calon Pilkada Toba taun 2015, tayalian:
Pilkada Toba tahun 2015 Dilaksanakeun sacara démokratis kalawan pasangan Darwin Siagian–Hulman Sitorus hasil meunang sora pang lobana.
Parobahan Ngaran Kabupatén Toba Samosir Menjadi Kabupatén Toba
Dina prakna ngajalankeun roda pamaréntahan, ogé dumasar kana Undang-Undang Nomor 36 Taun 2003 ngeunaan di pedalkeuna Kabupatén Samosir katut Kabupatén Serdang Bedagai di Provinsi Sumatera Utara, Kabupatén Toba Samosir dimekarkeun ngajadi Kabupatén Toba Samosir jeung Kabupatén Samosir. Kabupatén Samosir wilayahna ngalimpudan sakabéh kacamatan anu perenahna di Pulo Samosir jeung sawaréh daratan Pulo Sumatra margi kitu namina dianggo Kabupatén Toba Samosir téh tos teu loyog deui sareng kedahna digentos.
Kalayan tos ngadegna Kabupatén Samosir ieu, nami anu dianggo Kabupatén Toba Samosir tos teu loyog deui alatan wilayah anu diréksa ku Kabupatén Toba Samosir tos henteu ngalimpudan wilayah Kabupatén Samosir. Dina prakna, panganggoan nami Kabupatén Toba Samosir remen sok disebat ku teu tartib, jalaran nami Toba Samosir remen dihartoskeun Samosir atanapi sawangsulna.[2]
Robihna nami ieu ogé dipikahoyong alatan ngandung hartos sajarah, adat istiadat sareng aspirasi masarakat sareng Pamaréntahan Daérah Kabupatén Toba Samosir anu ngaraos peryogi ngalaksanakeun parobihan nami Kabupatén Toba Samosir janten Kabupatén Toba. Sacara filosofis, parobahan nami Kabupatén Toba Samosir janten Kabupatén Toba pinuh ku niléy-niléy sajarah sareng adat istiadat masyarakat anu maneuh nganjrek di Kabupatén Toba Samosir tayalian masarakat l ti étnis Toba Holbung sareng daérah anu dianjrekan disebut daérah Toba kitu deui sakumna jalmi anu maneuh kitu deui lingkungan masarakatna di Kabupatén Toba Samosir disebatna urang Toba (Par Toba).
Dina kaping 3 Maret 2020, Kabupatén Toba Samosir gentos namina janten Kabupatén Toba sareng sacara resmi disahkeun ku Presidén Républik Indonésia ngalangkungan Paraturan Pamaréntah Nomor 14 Taun 2020 ngeunaan Perobahan Nami Kabupatén Toba Samosir janten Kabupatén Toba di Sumatera Utara. kalawan dibéwarakeun ka masarakat kabupatén Toba dina kaping 9 Maret 2020, nincak waktos anu sami sareng tepung taun ka-21 kabupatén Toba.[2]
Géografi
Kabupatén Toba téh mibanda lega 2.021.80 km²[3] atanapi 3,19% tina lega sadayana Provinsi Sumatera Utara.[4] Kabupatén Toba perenahna dina 2°03'–2°40' Lintang Utara sareng 98°56′–99°40′ Bujur Timur.[5] Wilayah Kabupatén Toba mangrupikeun dataran luhur.[6] Luhur wilayahna Kabupatén Toba antawisna 900–2.200 méter luhureun cai laut.[7]Topografi sareng kontur taneuh Kabupatén Toba rupi-rupi, ngawitan datar lémpar, landeuh, déngdek tur tarahal. Struktur taneuhna labil sareng perenahna aya wilayah lini téktonik sareng vulkanik.
Kumargi perenahna caket dina Garis Khatulistiwa, Kabupatén Toba kalebet kana daérah anu iklimna tropis. Sapertos kabupatén sanésna di Indonésia, Kabupatén Toba ngagaduhan usum halodo sareng usum hujan. Usum halodo biasana aya dina sasih Januari dugi ka Juli sareng usum hujan ilaharna dina sasih Agustus dugi ka sasih Désémber, di antawis kadua usum ieu aya namina usum pancaroba.
Wates wilayah
Kabupatén Toba mibanda wates wilayah sapertos dihandapo ieu:
Citakan:Batas USBT
Pamaréntahan
Wilayah administrasi Kabupatén Toba dibagi jenten 16 kacamatan.[8] Kacamatan-kacamatanna dibagi deui janten 244 désa/kalurahan, tayalian 231 désa sareng 13 kalurahan. Kacamatan Balige mangrupikeun kacamatan sareng jumlah désa/kalurahan pangseueurna, tayalian 35 désa/kalurahan. Ari kacamatan Tampahan mangrupikeun kacamatan kalayan jumlah désa/kalurahan anu paling sakedik, tayalian ngan 6 désa.
Kacamatan Habinsaran mangrupikeun kacamatan kalayan wilayah anu panglegana tayalian 408,70 km² atawa 20,21% tina sadayana lega Kabupatén Toba, samentawis Kacamatan Siantar Narumonda mangrupikeun wilayah pang alitna nyaéta 22,19 km² atanapi 1,10% ti sadayana lega Kabupatén Toba. Kacamatan Nassau mangrupikeun kacamatan anu paling tebih ti puseur dayeuh Kabupatén Toba tayalian jarakna kirang langkung 76 kilométer ka puser dayeuh kacamatan kecamatan.
Lambang Wujudna Lonyod kalayan sagagang kapas di palih tengen seueurna 17 kantong sareng di paling kiwa sagagang padé anu seueurna 45 siki ngagambarkeun kaping dareng taun anu ngandung sajarah, tayalian Proklamasi Kamerdékaan Républik Indonésia ogé ngagambarkeun tujuan geusan ngajantenkeun masarakat adil sareng makmur dumasar kana Pancasila.
Imah Adat ngalambangkeun yén Kabupatén Toba mangrupikeun hiji rumah tangga atanapi hiji daérah otonom anu ngagaduhan otonom atanpi hak sareng kewajiban kanggo ngatur sareng ngurus rumah tanggana nyalira luyu sareng Paraturan parundangan anu lumaku. Imah ieu mibanda ciri-ciri sapetos dihandap ieu:
Tihang Kénca Katuhu anu ngagambarkeun yén ngadegna Kabupatén Toba ditetepkeun dumasar Undang-Undang nomor 12 Taun 1998, panetéan jumlahna lima tingkatan, tilu tihang sareng salambar ulos, anu melengkung rarawisan salapan di kénca sareng di katuhu sisi handap némbongkeun yén Kabupatén Toba diresmikeun dina kaping 9 Maret1999 ku Menteri Dalam Negeri atas nami Presidén Républik Indonésia anu tempatna di Kantor Gubernur Sumatera Utara di Medan.
Ransang (tihang) diwangun ku tilu jalur ngalambangkeun sistem sadudulur Dalihan Na Tolu salaku salah sahiji filosofi dina budaya adat Batak Toba sareng sacara kasuluruhan struktur imah adat Batak ngalambangkeun norma-norma kahirupan masarakat Batak sareng anu peryogi pikeun salawasna diriksa, dipiara, dilestarikeun sareng dimekarkeun luyu sareng kamajuan élmu sareng téknologi.
Imah Adat dilebet Perisai Juru Lima dipengkerna aya lukisan – lukisan Bukit Barisan, Dano Toba sareng Pulau Samosir ngagambarkeun yén di wilayah Kabupatén Toba mibanda rupi-rupi poténsi alam anu tiasa dikokolakeun kanggo kamakmuran masarakat.
Piso Halasan ngagambarkeun yén Kabupaten Toba téh kalebet lokasi parjoangan sareng Tempat Makam Pahlawan Nasional Raja Sisingamangaraja XII.
Leuweung sareng Lahan Héjo ngagambarkeun aréa tatanén anu subur.
Tungkot Balehat Raja ngagambarkeun yén masarakat Toba salamina mikahoyong pamingpin anu wijaksana tur pinuh wibawa.
Pustaha sareng Sipun ngalambangkeun harepan pikeun ngawujudkeun sumber daya manusia anu luhur ajén ngalangkunga atikan salaku wujud tina salah sahiji filosofi masarakat Batak Toba, nyaéta Anakhonhi do Hamoraon di Au.
Bendungan sareng Busur/Curug éta poténsi alam anu tos diolah sareng siap pikeun dimekarkeun janten industri anu tepat guna.
Pita tempat tulisan Toba kelirna konéng ngalambangkeun masyarakat Toba anu salawasna gedé harepan geusan jadi masarakat adil jeung makmur.
Motto (semboyan) Kabupatén Toba dina Basa Batak Toba disebat Tampakna do rantosna, rim ni tahi do gogona. Anu pihartoseunna. Kalayan persatuan sareng kasatuan anu didadasaran ku rasa gotong royong silih asah silih asih silih asuh, naon waé anu jadi harepan tangtu tinekanan.
Sosial budaya
Upami ninggali Indeks Pembangunan Manusia (IPM) ti 33 kabupatén/kota di Sumatera Utara taun 2013, Kabupatén Toba aya di nomer 5 kalayan indéksna 77,49 (level menengah atas).Kota Pematangsiantar aya di no 1 kalayan indéks saageung 78.62 persén (BPS Sumatera Utara, 2014)
Kalolobaan pangeusi Kabupatén Toba muhit ageman Kristen tayalian 93,10% kalawan panglobana muhit Kristen Protéstan, 85,75% jeung Katolik 7,35%. Dina ka umumna ageman Kristen dipuhit ku étnis Batak (Toba, Simalungun, sareng Karo). Sedengkeun ageman Islam lobana 5,92% anu dina umumna dipuhit ku étnis Batak (Toba, Angkola sareng Mandailing), Jawa dan Minangkabau, Ada juga agama asli Batak toba sorangan tayalian Parmalim aya kana 0,95%, Katurunan Tionghoa anu nganjrek di Kabupatén Toba dina umumna muhit ageman Budha kurang leuwih 0,03%. Anu ngagem ageman Hindu sareng Konghucu panh saeutikna, kurang ti 0,01%, atawa kurang leuwih 9 jiwa ti sakabéh populasi.[11]
Gereja HKBP jeung Kabupatén Toba mibanda hubungan anu raket naha dina mekarkeun HKBP kitu deui ngamekarkeun wewengkon Toba sorangan. Mayoritas warga Kabupatén Toba anu agemanna Kristen Protestan mangrupa anggota Gereja HKBP. Dina sajarahna, Misioner jeung HKBP Ephorus munggaran Ludwig Ingwer Nommensen cicing di Sigumpar mangtaun-taun bari nyebarkeun agama Kristen nepi ka ahir hirupna, dimana Nommensen ogé dikurebkeun di Sigumpar.
misionaris Kristen teu ngan ngawanohkeun agama ka urang Toba, tapi ogé kamajuan jeung karaharjaan ngaliwatan ngaronjatkeun atikan jeung kaséhatan. Panyebaran agama Kristen beuki gancang ngaliwatan HKBP di Tanah Batak hususna wewengkon Toba, aksés kana atikan ogé jadi leuwih gampang pikeun dihontal ku masarakat ngaliwatan pangwangunan fasilitas atikan anu diwangun ku HKBP sorangan, ku kituna nepi ka kiwari masih kénéh aya. biasa manggihan wangunan Garéja di wewengkon Toba samping jeung wangunan lianna. Samentara éta, tina sudut pandang kaséhatan, Rumah Sakit HKBP Balige nyaéta kontribusi Garéja HKBP pikeun ngaronjatkeun kaséhatan masarakat di Toba.
Sumber: Jumlah Sakola Numutkeun Tingkat Atikan sareng Kacamatan[12]
Tina data BPS Toba, proséntase literasi di Kabupatén Toba taun 2013 nyaéta 98,57 peresén. Dibandingkeun jeung kacamatan séjénna di Propinsi Sumatera Utara, warga Toba geus lila sakola, indikator ieu ditunjukkeun ku rata-rata lila sakolana 9,89 taun, hartina rata-rata geus tamat atikan nepi ka [ [sakola menengah] tingkat luhur|sma]]. Ieu nunjukkeun yén masarakat Toba sadar kana pentingna atikan.
Kabupatén Toba mibanda pasilitas atikan anu cukup hadéa, Dina taun 2017, Kabupatén Toba miboga tujuh paguron luhur tingkat akademi anu sumebar di Kacamatan Balige, Laguboti jeung Silaén. Jumlah mahasiswa kacatet 1.397 urang kalawan 152 dosén. Kasadiaan fasilitas pendidikan anu unggul sapertos SMA Negeri 1 Balige, SMA Negeri 2 Balige, SMA Unggul Del sareng Institut Teknologi Del di Laguboti ogé ngarojong aksés ka atikan alus di Kabupatén Toba.
Kaséhatan
Kasadiaan sarana jeung prasarana kaséhatan anu dirojong ku kanyamanan jeung kabébasan palayanan kaséhatan ka masarakat lega mangrupa salasahiji pilar pangwangunan dina widang kaséhatan Pamaréntah Kabupatén Toba. Ku ayana sarana jeung prasarana kaséhatan dina wangun Rumah Sakit, Puskesmas, Polindes, Posyandu, apoték, jrrd. mangrupa sarana pikeun ngaronjatkeun jeung ngarojong kualitas kahirupan masarakat.
Kabupaten Toba miboga 50 unit sarana kaséhatan nu diwangun ku:
3 unit Rumah Sakit, aya di Kacamatan Balige, Laguboti, jeung Porsea
1 unit Rumah SakitKusta, aya di Kacamatan Laguboti
19 unit Puskesmas, nyebar rata di unggal kacamatan
32 unit Puskesmas Pembantu (pustu), nyebar rata di unggal kacamatan
82 unit Polindes, nyebar rata di unggal kacamatan
275 unit Posyandu, nyebar rata di unggal kacamatan
Numutkeun Statistik Daérah Toba taun 2014, salila 3 taun panungtungan pertumbuhan ekonomi di Toba sok positip. PDRB Perkapita téh nyaéta PDRB (dumasar harga nu berlaku) dibagi ku jumlah penduduk pertengahan taun. Taun 2013 besarna PDRB Perkapita Kabupatén Toba ngahontal Rp. 28,24 juta kalayan laju ningkatna 12,36 persen dibandingkeun jeung PDRB Perkapita taun 2012 nu sakitar Rp. 25,13 juta. Besarna PDRB perkapita Kabupatén Toba taun 2013 nyicingan urutan ka-7 ti 33 Kabupatén/Kota di Sumatera Utara saenggeus Batubara, Medan, Deli Serdang, Labuhan Batu Selatan, Labuhan Batu Utara, jeung Binjai.
PDRB Kabupatén Toba nyumbang sakitar 1,24 persén kana kabentukna PDRBSumatera Utara taun 2013
Tatanén
Sakabéhna warga Kabupatén Toba ngantungkeun kahirupanana ka séktor tatanén. Ieu téh bisa katémbong tina lega wewengkon lahan pertanian, utamana lahan persawahan. Pertanian jadi séktor anu jadi andalan pikeun Kabupatén Toba dina ngagerakkeun ékonomi daérah. Taun 2016 séktor ieu méré kontribusi anu kacukupan gedé dina kabentukna PDRB Kabupatén Toba, nyaéta sakitar 34,93 persén tina total PDRB.[12]
Kabupatén Toba téh salah sahiji daérah panggedéna nu ngahasilkeun paré jeung jagong di Sumatera Utara. Upami dibandingkeun jeung kabupatén séjén, produksi paré di Toba ngahontal 3,81 persén tina sakabéh produksi paré di Sumatera Utara sarta aya dina réngking ka-dalapan. Sajaba ti paré jeung jagong, hasil tatanén di Kabupatén Toba ogé kaasup cabé, bawang beureum, bawang bodas, bawang daun, sampeu, andaliman, suuk, sayur mayur, jeung sajabana. Ogé, pikeun buah-buahan, anu cukup poténsial di Kabupatén Toba nyaéta buah buah, alpuket, durén, cau, jeruk, jeung danas.
Perkebunan
Tatanén perkebunan lolobana diurus sorangan ku masarakat. Tatanén perkebunan nu diurus ku perusahaan perkebunan masih kénéh saeutik. Kopi téh komoditi andalan tatanén perkebunan rakyat nu miboga prospék anu hadé. Lamun urang tingali tina lega taneuh anu dipelakan, tatanén kopi téh tatanén perkebunan rakyat nu lega taneuhna panglobana dibandingkeun jeung tatanén perkebunan séjénna. Lega taneuh tatanén kopi taun 2016 sakitar 3.558,83 Ha. Lain kawas tatanén perkebunan rakyat séjénna, tatanén kopi nyebar di sakabéh kacamatan, Kecamatan Habinsaran téh daérah nu miboga wewengkon tatanén kopi panglega dibandingkeun jeung kacamatan séjénna di Kabupatén Toba. Sajaba ti kopi, komoditi perkebunan séjénna nyaéta karét, menyan, cengkéh, jeung kawung.
Peternakan
Usaha ingon-ingon lolobana ogé diurus jeung diusahakeun ku masarakat salaku usaha di imah. Sato ingon patani bisa digolongkeun jadi ingon patani badag, ingon patani alit, jeung unggas. Hewan patani badag kaasup sapi, kerbau jeung kuda. Hewan patani alit kaasup kembing, domba jeung babi. Sedengkeun unggas kaasup hayam jeung meri.
Perikanan
Usaha perikanan lolobana ogé diurus salaku usaha di imah, boh pikeun ngabudidayakan boh pikeun ngala lauk. Budidaya lauk dilakukeun di balong, sawah, jaring apung, kolam cai palid, jeung ngabinihkeun, sedengkeun usaha ngala lauk dilakukeun di situ, walungan, jeung rawa. Produksi lauk Kabupatén Toba numutkeun BPS Toba taun 2013 sakitar 11.174,6 ton anu diwangun ku 1.052,9 ton hasil ngala jeung 10.121,7 ton hasil budidaya. Hasil tina komoditi perikanan nyaéta lauk emas, lauk nila, lauk mujaér, lélé, gabus, jeung lauk pora-pora.
Kahutanan
Hasil leuweung anu pang lobana dihasilkeun tayalian kai eucalyptus jeung pulp. Jumlahnya masing-masing nepi ka 37.228,42 ton sarta178.676,11 méter kubik. Salian éta, leuweung di daérah ieu ogé ngahasilkeun suluh, hoe, sarta geutah tusam.
Dagang
Jumlah pasar di Kabupatén Toba téh aya di ampir sakabéh kacamatan, iwal ti Kacamatan Tampahan jeung Siantar Narumonda. Masing-masing pasar ogé miboga dinten pasar anu béda-béda. Jumlah pasar di Kabupatén Toba aya 13 pasar jeung 354 kios anu dipaké ku para dagang pikeun ngajualan.
Jumlah usaha industri alit di Kabupatén Toba taun 2016 aya 814 usaha jeung jumlah pagawé anu katarik aya 1.534 urang. Ti jumlah usaha éta, industri sandang jeung kulit nyaéta industri alit kalawan jumlah usaha nu panglobana, nyaéta: 514 usaha (63,14 persén) jeung pagawé sakitar 860 urang. Numutkeun kacamatan, industri sandang jeung kulit nu panglobana aya di Kacamatan Uluan kalawan 219 usaha jeung 219 pagawé sarta Tampahan kalawan 75 usaha jeung 75 pagawé.
Industri pangan nyekel rangking kadua panglobana saatos industri sandang jeung kulit kalawan 108 usaha jeung 250 pagawe. Industri ieu panglobana kapanggih di Kacamatan Balige kalawan 25 usaha anu narik 50 urang pagawé sarta Kecamatan Habinsaran kalawan 10 usaha jeung 38 pagawé.
PLTA Asahan I anu dioperasikan ku PT Indonesia Asahan Aluminium (Inalum), jeung perusahaan pulp PT Toba Pulp Lestari (TPL) aya di kabupatén ieu.
Sarana jeung prasarana
Kaayaan jalan di Kabupatén Toba (2016)
██ Alus (29%)██ Sedang (10%)██ Ruksak (14%)██ Ruksak pisan (47%)
Listrik jeung cai nginum
Cai anu bersih téh mangrupakeun kabutuhan anu kacida pentingna pikeun kahirupan manusa. Kabutuhan kana cai bersih utamana pikeun kaperluan nginum. Nepi ka taun 2016 ngan aya genep kacamatan di Kabupatén Toba anu tiasa ngarasakeun cai bersih anu dikkokolakeunku PDAM Tirtanadi Cabang Toba anu nyebar di 49 désa/kalurahan kalawan jumlah palanggan sakitar 5.913 jalma. Ka genep kacamatan éta nyaéta Kacamatan Balige, Laguboti, Porsea, Pintu Pohan Meranti, Ajibata, jeung Parmaksian.
Transportasi
Jalan di Kabupatén Toba dina taun 2016 aya kana 1.006,49 km anu kabagi ku jalan nagara panjangna 60,89 Km, jalan propinsi panjang 199,50 Km sarta jalan Kabupatén panjangna 746,10 Km. Kacamatan Habinsaran mangrupakeun kacamatan
anu mibanda jalan pangpanjangna kurang leuwih 15,36% sarta kecamatan Ajibata merupakan kacamatan anu mibanda jalan pangpondokna kurang leuwih 1,53% tina total jalan di Kabupatén Toba.
Perairan Danau Toba ogé boga fungsi minangka prasarana transportasi cai anu ngahubungkeun wewengkon, utamana ngahubungkeun Pulo Samosir jeung wewengkon Toba. Darmaga Ajibata anu mangrupa darmaga pangsibukna, kalawan jumlah kapal penumpang jeung kapal barang anu datang ka darmaga dina taun 2016 ngahontal 6.956 kapal, 196.069 panumpang jeung 3.910,4 ton barang masing-masing.
Pariwisata
Dirojong ku sumber daya alam jeung kaéndahan Dano Toba, séktor pariwisata mangrupa séktor poténsial anu bisa jadi andelan di Kabupatén Toba. Jumlah wisatawan nu datang ka Kabupatén Toba dina taun 2015 nya éta 114.594 wisatawan; diantarana ku 11.828 wisatawan asing jeung 102.766 wisatawan doméstik. Jumlah hotél di Kabupatén Toba dina taun 2016 aya 26 hotél, kalayan 591 kamar. Sawatara tempat wisata anu kasohor di Kabupatén Toba Somasir nyaéta, Basisir Bul-Bul, Curug Natumika & Sampuran Harimau, Curug Siboruon, Bukit Tarabunga, Museum Batak Tb Silalahi Center, Curug Simanimbo, Pantai Pasifik Porsea jeung sajabana.
Inohong
Sababaraha inohong pituin ti Kabupatén Toba, tayalian: