Alpuket geus lila pisan dipelak di Amérika Tengah jeung Kidul. Di Chan Chan, hiji kota kuna saméméh jaman Ingka, kapanggih artéfak kendi ti taun 900-an nu wujudna kawas alpuket[3], sedengkeun bukti tatanén di Méksiko paling henteu umurna geus 10.000 taunan[4]. Literatur paling kuna nu nyabit-nyabit alpuket di Éropah ditulis taun 1518/1519 karya Martín Fernández de Enciso (1470–1528): Suma de Geografía que Trata de Todas las Partidas y Provincias del Mundo.[4][5]. Catetan munggaran ngeunaan alpuket dina basa Inggris dijieun ku Hans Sloane taun 1696, dina bukuna ngeunaan tutuwuhan Jamaika. Ieu pepelakan dibawa ka Indonésia taun 1750, Brazil taun 1809, Levant taun 1908, jeung Afrika Kidul sarta Australia ahir abad ka-19[4].
Étimologi
Kecap "alpuket" asalna tina kecap "avocado", nu béh dituna tina basa Nahuatlāhuacatl ("siki kanjut", dumasar kana bentuk buahna)[6]. Baheula, alpuket katelah salaku afrodisiak, antukna tara didahar ku jalma anu can kawin atawa anu satia ka pamajikan. Ku bangsa Azték, ieu buah disebut "buah kasuburan"[5]. Di sababaraha nagara Amérika Kidul, kayaning Argéntina, Bolivia, Chilé, Péru, jeung Uruguay, ieu buah kawentar dina ngaran Quechuana, palta. Di nagara-nagara nu maké basa Spanyol, ieu buah disebut aguacate, sedengkeun ku urang Portugis disebutna abacate.
Melak jeung ngarekahkeun
[[Image:Avocado Seedling.jpg|thumb|rigjt|150px|Persea americana, bibit alpuket katenpo akar jeung sikina]
Food and agriculture
Buah alpuket (cv. 'Fuerte'); kenca: whole, right: in section
Buah alpuket hasil budidaya bentukna buleud nepi ka lonyod panjang, kelirna héjo kolot nepi ka coklat semu hideung. Kandungan lemakna onjoy batan bungbuahan séjén, nu lolobana lemak teu jenuh tunggal. Daging buah nu geus asak warnana konéng semu héjo nepi ka konéng emas. Mun kabuka jeung keuna ku udara, warnana bakal robah jadi coklat alatan oksidasi. Pikeun vegetarian, alpuket kapaké pisan salaku gaganti daging ku sabab loba kandungan lemakna.
↑ abHari Priyadi, Gen Takao, Irma Rahmawati, Bambang Supriyanto, Wim Ikbal Nursal, Ismail Rahman, Priyadi (2010). Five Hundred Plant Species in Gunung Halimun Salak National Park, West Java: A Checklist Including Sundanese Names, Distribution, and Use. Bogor: CIFOR. p. 1. ISBN9786028693226.
↑Naveh E, Werman MJ, Sabo E, Neeman I (2002). "Defatted avocado pulp reduces body weight and total hepatic fat but increases plasma cholesterol in male rats fed diets with cholesterol". J. Nutr.132 (7): 2015–8. PMID12097685.