Pakakas Gamelan tradisional Acéh aya sababaraha rupa : Serunee kalee, kendang, canang, jeung rapai.[3]
Serune kalee nyaéta instrumén tiup anu dijieun tina kai, kalawan palebah puhu leutik jeung tungtungna rubak ngawangun corong. Serune mibanda 7 liang pikeun ngatur nada. Alat ieu biasana dianggo babarengan gender jeung rapai dina upacara-upacara atawa pikeun mirig tarian-tarian tradisional.[3]
Basa
Masarat Acéh mibanda sababara basa anu dipaké pikeun komunikasi : Acéh, Alas Gayo, jeung Tamiang.[3]
Pakarang
Pakaranng urang Acéh anu kasohor tayalian ti Réncong, ieu sabangsaning péso balati pédah palebah puhu gagangna nyengklik ngawangun hurup"L". [4]
Ibing/tari
Aya sababaraha rupa ibing ti daérah Acéh kayaning : Tari Seudati, Tari Saman, Tari Pukat, Tari Sunan Gayo, Tari Guel,
Tari Laweut, Tari Pho, jeung Tari Likok Pulo.
Tari Seudati nyaéta tarian anu maénkeun ku 8 urang jeung 2 urang syahi minangka panyanyi, salah saurang diangkat jadi pimpinan anu disebut syekh. Tarian ieu teu dipirig ku instrumen musik. Irama jeung témpo tarian ditangtukeun ku irama jeung tempo lagu anu dibawakeun. Keunikan tarian ieu nyaéta dina kaparigelan, kecepatan, jeung kakompakan sakumna anu ngibing.[3]