Karajaan Hasyimiyah Yordania, biasana disebut Yordania (basa Arab: أردنّ, transliterasi: ʼUrdunn), mangrupa hiji nagara di Wétan Tengah nu tepung wates jeung Suriah di kalér, Arab Saudi di wétan jeung kidul, Irak di kalér-wétan, sarta Israél jeung Tepi Kulon di kulon. Yordania narima arus pangungsi Paléstina dina leuwih ti 3 dasawarsa, ngajadian manéhna salaku salah sahiji panampung pangungsi pangageungna di dunya.