7 (hiji péron sisi nu rada pendék, dua péron pulo nu rada jangkung, hiji péron pulo nu rada pendék, dua péron pulo nu jangkung, sarta hiji péron sisi nu rada jangkung; euweuh péron pulo di antara jalur 5 jeung 6 sarta jalur 7 jeung 8)
Jumlah jalur
8
jalur 3: jalur lurus ganda arah hulu (ti Jakarta Kota-Manggarai) eujeung jalur tunggal arah Cianjur-Padalarang
jalur 5: jalur lurus ganda arah hilir (ka Manggarai-Jakarta Kota)
Baheula, aya hiji lapang nu lega ngaranna Taman Wilhelmina kungsi jadi bagian ti stasion Bogor.[4]
Di rohangan VIP aya monuménprasasti tina marmer anu jangkungna 1 méter. Monumén ieu minangka simbol tanda “wilujeng énjing” ti para karyawan SS ka David Maarschalk anu rék pénsiun lantaran usahana ngamekarkeun jalur karéta api di Jawa. Prasasti ieu dijieun ngagentikeun patung David Maarschalk anu kungsi aya di tempat prasasti ieu.[3]
Rénovasi stasion kungsi dilakukeun ku Kementerian Perhubungan taun 2009. Wangunan stasion anu aya tulisan "[[1881]”, anu nyinghareup Jalan Nyi Raja Permas Raya (Taman Topi) ieu ahirna teu difungsikeun minangka pintu asup stasion pikeun umum. Kiwari wangunan stasion dipindah jadi nyinghareup Jalan Mayor Oking.[4]
Wangunan jeung tata letak
Stasion ieu mangrupa dua wangunan anu ngaréndéng. Wangunan utamana nyaéta wangunan aréa asup ke stasion, lobi, kantor administrasi, tempat ngajual tiket, jeung fasilitas nu lainna. Sedengkeun, wangunan kadua nyaéta wangunan kanopi anu ngiuhan péron sarta dua jalur karéta api. Wangunan utama stasion anu diwangun taun 1881, henteu loba robah nepi ka kiwari. [3]
Stasion ieu boga gaya arsitéktur Éropa kalawan loba motifna. Misalna aya anu motifna géometris awan, suku-suku singa, jeung relung-relung bagian handap. Gaya désain ieu mangrupa gaya kalawan nuansa Yunani Klasik tapi aya campuran, nyaéta miboga bentuk simétris jeung serba pasagi.[3] Di jamanna, (1880 - 1889), wangunan ciga kieu jadi trén di Hindia Walanda.[3] Arsitéktur wangunan utama némbongkeun ciri khas gaya arsitéktur Indische Empire kalawan bentuk massa bangunan anu simétris sarta pintu asup jeung lobi utama gaya arsitékturna Néo-Klasik[3]
Kesan anggun ti stasion ieu aya tina bentuk atap pelana kalawan bentuk jurutilu sarta gerbang ngalengkung di wangunan hareup. Sedengkeun di bagian tukangna, mangrupa témbok plesteran anu maké ornamén gurat-gurat sarta ahiran cornice di bagian atas anu polana lengkungan anu laleutik anu numutkeun istilah arsitéktur klasik disebut guttae, ngabingkéy atap juréy di luhurna. Pintu jeung jandéla miboga panutup kai anu ahirna nguatkeun kesan klasik ti ieu wangunan. Sedengkeun di wangunan émplasemén, mangrupa struktur atap bentang lébar kalawan rangka baja jeung panutup atap plat beusi anu rérégéan. [3].
Stasion ieu miboga dua tingkat. Désain tangga kai ngahubungkeun lantéy 1 jeung lantéy 2. Karakteristik wangunan utama khas kalawan gaya Indische Empire sedangkan pada lobi bergaya Neoklasik.[3]
Indische Empire nyaéta gaya arsitéktur jaman kolonial Walanda di Indonésia anu mekar pas abad 18 jeung 19. Gaya ieu lahir ti gaya hirup urang Éropa di Indonésia. Wangunan-wangunan anu maké gaya ieu mangrupa adaptasi aliran Néoklasik anu kasohor di Éropa keur harita kalawan kondisi iklim jeung bahan wangunan satempat. Wangunan-wangunan anu ngagunakeun gaya ieu ciri unumna nyaéta ngagunakeun kolom-kolom dorik di téras hareup sarta buruanna nu lega.[3]
Néo Klasik anu disebut ogé New Classicism nyaéta pergerakan aliran arsitéktur di Éropa jeung Amérika anu dimimitian pas tengah-tengah abad ka-18. Gaya ieu meunang inspirasi ti ruruntuhan arsitéktur Yunani Klasik utamana Romawi.
Salian ti ngalayanan karéta komuter jurusan Jakarta, Stasion Bogor ogé jadi tempat langsiran Karéta api Pangrango anu diberangkatkeun ti Stasion Bogor Palédang anu jarakns 200 méter di beulah kidul Stasion Bogor pikeun ngalayanan ruteu Cianjur-Sukabumi-Bogor. Langsiran ieu dilakukeun di Stasion Bogor lantaran Stasion Bogor Palédang ngan boga hiji jalur.
↑ abcdefghijMurti Hariyadi, Ibnu; Basir, Ekawati; Pratiwi, Mungki Indriati; Ubaidi, Ella; Sukmono, Edi (2016). Arsitektur Bangunan Stasion Karéta Api di Indonesia. Jakarta: PT. Karéta Api Indonesia (Persero). pp. 1 – 14. ISBN978-602-18839-3-8.
Artikel ngeunaan stasion karéta api ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.