يٰأَيُّهَا ٱلَّذِينَ آمَنُواْ لاَ تَتَّخِذُواْ عَدُوِّي وَعَدُوَّكُمْ أَوْلِيَآءَ تُلْقُونَ إِلَيْهِمْ بِٱلْمَوَدَّةِ وَقَدْ كَفَرُواْ بِمَا جَآءَكُمْ مِّنَ ٱلْحَقِّ يُخْرِجُونَ ٱلرَّسُولَ وَإِيَّاكُمْ أَن تُؤْمِنُواْ بِٱللَّهِ رَبِّكُمْ إِن كُنتُمْ خَرَجْتُمْ جِهَاداً فِي سَبِيلِي وَٱبْتِغَآءَ مَرْضَاتِي تُسِرُّونَ إِلَيْهِمْ بِٱلْمَوَدَّةِ وَأَنَاْ أَعْلَمُ بِمَآ أَخْفَيْتُمْ وَمَآ أَعْلَنتُمْ وَمَن يَفْعَلْهُ مِنكُمْ فَقَدْ ضَلَّ سَوَآءَ ٱلسَّبِيلِ
(1) Hé jalma nu ariman Wahai ! Ulah aranjeun ngajadikeun musuh-Kaula jeung musuh aranjeun minangka sobat-sobat dalit ku kituna aranjeun nepikeun ka maranéhna (iber patali jeung Muhammad), ku lantaran rasa deudeuh; padahal maranéhna geus ingkar kana bebeneran nu ditepikeun ka aranjeun, maranéhna ngusir Rosul jeung aranjeun lantaran iman ka Allah, Pangéran aranjeun, mun aranjeun bener kaluar jihad di jalan-Kaula jeung milari rido-Kaula (Ulah kitu), aranjeun méré nyaho sacara rahasia (iber nu patali jeung Muhammad) ka maranéhna, lantaran rasa kadeudeuh, jeung Kaula leuwih Uninga sing sarwa nu anjeun sumputkeun jeung naon nu aranjeun jéntrékeun. Jeung sing saha di antara aranjeun nu milampah, maka saéstuna, inyana geus sasar ti jalan nu lempeng.....
إِن يَثْقَفُوكُمْ يَكُونُواْ لَكُمْ أَعْدَآءً وَيَبْسُطُوۤاْ إِلَيْكُمْ أَيْدِيَهُمْ وَأَلْسِنَتَهُمْ بِٱلسُّوۤءِ وَوَدُّواْ لَوْ تَكْفُرُونَ
(2) Mun maranéhna néwak aranjeun, tinangtu maranéhna ngajadikeun aranjeun minangka musuhna terus leungeun jeung létahna teu kendat nganyenyeri jeung maranéhna miharep aranjeun (balik) kafir.
لَن تَنفَعَكُمْ أَرْحَامُكُمْ وَلاَ أَوْلاَدُكُمْ يَوْمَ ٱلْقِيَامَةِ يَفْصِلُ بَيْنَكُمْ وَٱللَّهُ بِمَا تَعْمَلُونَ بَصِيرٌ
(3) Kaom karabat jeung anak-anak aranjeun moal manfaat pikeun aranjeun dina poé Kiamat. Mantena bakal misahkeun antara aranjeun. Dupi Alloh Nu Maha Ningal sakur laku lampah aranjeun.
قَدْ كَانَتْ لَكُمْ أُسْوَةٌ حَسَنَةٌ فِيۤ إِبْرَاهِيمَ وَٱلَّذِينَ مَعَهُ إِذْ قَالُواْ لِقَوْمِهِمْ إِنَّا بُرَءآؤُاْ مِّنْكُمْ وَمِمَّا تَعْبُدُونَ مِن دُونِ ٱللَّهِ كَفَرْنَا بِكُمْ وَبَدَا بَيْنَنَا وَبَيْنَكُمُ ٱلْعَدَاوَةُ وَٱلْبَغْضَآءُ أَبَداً حَتَّىٰ تُؤْمِنُواْ بِٱللَّهِ وَحْدَهُ إِلاَّ قَوْلَ إِبْرَاهِيمَ لأَبِيهِ لأَسْتَغْفِرَنَّ لَكَ وَمَآ أَمْلِكُ لَكَ مِنَ ٱللَّهِ مِن شَيْءٍ رَّبَّنَا عَلَيْكَ تَوَكَّلْنَا وَإِلَيْكَ أَنَبْنَا وَإِلَيْكَ ٱلْمَصِيرُ
(4) Saéstuna pikeun aya tuladan nu hadé pikeun aranjeun di Ibrohim jeung jalma-jalma nu bareng Ibrohim, nalika pok ngomong ka kaomna, “Saéstunaa kami lulubaran diri ti aranjeun jeung tina naon aranjeun sembah lian ti Alloh, kami ingkar (kakafiran) aranjeun jeung éécs antara kami jeung aranjeun musuh bubuyutan pikeun salilana tug dugi ka aranjeun ariman ka Alloh hungkul,” iwal kecap Ibrohim ka bapana, ”Saéstuna, kuring rék ménta panghampura pikeun anjeun, tapi kuring saeutik ogé teu bisa nolak (siksaan) Alloh ka anjeun.” (Ibrahim pokna), “Duh Gusti Abdi sadaya, mung ka Salira abdi sadaya tawekal jeung ka Salira abdi sadaya tobat jeung mung ka Gusti abdi sadaya mulang Al-aayah Jstrsna....