Ki kacang; wuwusu (id) ; Strombosia javanica Blume nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Olacaceae. [1][2]
Ciri mandiri
Tangkalna lempeng ajeg kaluhur, jangkungna bisa nepika 33 méter malahan aya anu nepika 40 méter kalawan buleudan tangkalna 82-100 céntimeter. Daunna salambar bijil sapasang kénca katuhu, urat daunna katembong ngajarendul di handapeun daun. Daun palebah luhur herang henteu buluan. Kembangna leutik, biseksual, ukuranna leutik kurang leuwih 8 mm kelirna bodas-konéng, bijil tina sela-sela cupat daun jeung dahan (palebah kélék daun). Buahna panjang 18 mm , kelirna héjo mibanda siki.[2][1][3]
Ékologi Jeung Sebaran
Loba kapanggih hirup di leuweung anu perenahna 600 m tonggoheun beungeut cai laut (taltitude). Remen katempo hirup di lamping pasir atawa tonggong pasir, sakapeung ogé hirup di dadatar anu negrak. Bisa hirup kalawan subur dina taneuh anu mibanda keusik, sanaja bisa hirup ogé dina taneuh tela. Dileuweung sekunder, ilaharna jarang kapanggih hirup kajaba hiji atawa dua tangkal éta ogé sesa anu henteu diruksak.[2]
Ki kacang lobana kapanggih hirup di leuweung hujan anu tara kahalodoan, perenahna henteu pati luhur atawa landeuh ti 800 méter.[1]
Ieu tangkal loba kapanggih hirup di wewengkon Thailand, Semenanjung Malaysia, Sumatra, Jawa, Borneo (throughout the island).[2]
Kagunaan
Sanajan teu pati kuat, kaina bisa dimangpaatkeun pikeun bahan wangunan jeung suluh. Daun ngorana ogé bisa dimangpaatkeun pikeun sayur. (mibanda rasa kawas 'kacang')
[2]
Ngaran séjén
Ki kacang mibanda ngaran daérah masing-masing, kayaning :
Bornéo: ‘’Kacang’’, ‘’Kayu kacang’’, ‘’Mahalatta’’, Mangkudur, Tungang, Entelung (Sumatra ).[2]
Di nagara sejenna Ki kacang disebutna : Banatha (Myanmar ); Belian landak (Malaysia ); Dedali badak (Malaysia); Bayan (Malaysia); Belian landak (Sarawak); Petaling gajah (Malaysia); Kamap (Malaysia). [1]
Dicutat tina
|
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan.
|