Karajaan Kahuripan nyaéta hiji karajaan nu kungsi aya di Jawa Wétan nu diadegkeun ku Airlangga di taun 1009 .[ 1] Karajaan ieu diwangun minangka tungturunan ti Karajaan Medang nu runtag taun 1006 .[ 1] Taun 1042 , Karajaan Kahuripan dibagi jadi dua nyaéta Karajaan Jenggala atawa Singhasari kalawan puseur dayeuh na di Kahuripan sarta Karajaan Panjalu atawa Kediri kalawan puseur dayeuh na di Daha .[ 1]
Ngadegna Karajaan Kahuripan
Raja Karajaan Medang nu pamungkas nyaéta Dharmawangsa Teguh , nu disebut-sebut salaku musuh Karajaan Sriwijaya .[ 2] Mangsa taun 1006 , Raja Wurawari ti Lwaram (sekutu Sriwijaya ) nyerang Watan , puseur dayeuh Karajaan Medang nalika ngayakeun acara jatukrami .[ 2] Dharmawangsa maot sedengkeun alo Dharmawangsa nu ngarana Airlangga bisa kabur tina serangan éta.[ 2] Airlangga nyaéta budak lalaki ti Mahendradatta (dulur awéwé Dharmawangsa Teguh) jeung raja Bali , Udayana .[ 2] anjeunna lolos dibarengan ku pangapingna nyaéta Narotama . Ti dinya Airlangga hirup lunta salaku patapa di alas gunung (Wanagiri ).[ 2] Tuluy taun 1009 , datang utusan rahayat ménta sangkan Airlangga ngadegkeun deui Karajaan Medang , sabab Dayeuh Watan geus runtag.[ 2] Ti dinya Airlangga ngadegkeun puseur dayeuh nu ngarana Watan Mas deukeut Gunung Penanggungan .[ 2]
Raja Airlangga nu diwujudkeun salaku Dewa Wisnu numpak Garuda. Arca ieu kapanggih di Candi Belahan.
Mimitina wewengkon karajaan nu diparéntah Airlangga ngan ngawengku Gunung Penanggunan jeung sabudeureunana, sabab loba wewengkon - wewengkon handapeun Karajaan Medang misahkeun diri.[ 2] Tapi sanggeus Karajaan Sriwijaya bisa ditumpes ku Rajendra Coladéwa nyaéta Raja Colamandala di India taun 1023 , Airlangga leuwih boga kakawasaan pikeun ngawangun deui kadigjayaan Wangsa Isyana .[ 2]
Taun 1032 Airlangga leungiteun dayeuh Watan Mas sabab diserang ku raja awéwé nu disebut Calonarang .[ 2] Tuluy ngadegkeun deui puseur dayeuh anyar nyaéta Kahuripan di wewengkon nu kiwari disebut Sidoarjo .[ 2] Calonarang bisa ditumpes ku bantuan Mpu Bharadah , ogé Raja Wurawari bisa ditumpes.[ 2] Numutkeun Prasasti Pamwatan taun 1043 M jeung Serat Calonarang , puseur karajaan Airlangga balik deui ka Daha .[ 2] Saméméh turun tahta, Airlangga nyanghareupan perang sadulur ti dua budakna.[ 2] Calon raja nu sabenerna nyaéta Sanggramawijaya Tunggadéwi leuwih milih jadi patapa batan naék tahta.[ 2]
Di panungtung November 1042 Airlangga kapaksa ngabagi dua karajaana nyaéta beulah Kulon ngarana Kadiri nu puseur dayeuhna di Daha dipasrahkeun ka Sri Samarawijaya , sedengkeun beulah wétan nu ngarana Jenggala puseur dayeuhna di Kahuripan dipasrahkeun ka Mapanji Grasakan .[ 2] Sanggeus turun tahta, Airlangga balik deui jadi patapa kalawan ngaran Resi Gentayu .[ 3] Airlangga maot di taun 1049 sarta dikurebkeun di Tirtha (Candi Belahan ), di beulah wétan Gunung Penanggungan .[ 3] anjeunna diwujudkeun salaku arca Wisnu nu numpak Garuda .[ 3]
Raja nu Kungsi Maréntah
Raja-raja Wangsa Isyana nu kungsi maréntah bisa disusur ti mimiti Karajaan Medang rék runtag saperti ieu di handap:[ 3]
Sanggeus éta Karajaan Kahuripan kabagi dua.[ 3]
Réferénsi
↑ a b c Istiqomah. 2008. Intisari Pengetahuan Sosial Lengkap SD . Jakarta: PT Kawan Pustaka
↑ a b c d e f g h i j k l m n o p Hendarsah, Amir. 2010. Cerita Kerajaan Nusantara Populer . Jakarta: Great! Publisher
↑ a b c d e Mustopo, Habib. 2007. Sejarah 2 . Jakarta: Yudhistira