Bisma

Bisma
Bisma (katuhu) sumpah moal rék kawin saumur hirupna. Lukisan karya Raja Ravi Varma.
Bisma (katuhu) sumpah moal rék kawin saumur hirupna. Lukisan karya Raja Ravi Varma.
Déwanagari: भीष्म; देवव्रत
Éjahan Sansakerta: Bhīshma; Dévavrata
Ngaran séjén: Déwabrata
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru

Bisma (basa Sansakerta: भीष्म, Bhīshma) lahir kalayan ngaran Déwabrata (Basa Sansakerta: देवव्रत, Dévavrata), nyaéta salah sahiji inohong utama dina wiracarita Mahabarata. Manéhna téh anak ti pasangan Prabu Santanu jeung Dewi Gangga. Manéhna ogé mangrupa aki ti Pandawa jeung Kurawa. Sawaktu ngora ngaran manéhna téh Déwabrata, tapi diganti jadi Bisma saprak manéhna sumpah moal kawin saumur hirup. Bisma ahli dina sagala rupa peperangan sarta pohara dipikaajrih ku Pandawa sarta Kurawa. Manéhna gugur dina hiji perang rongkah di tegal Kurusetra ku panah anu dileupaskeun ku Srikandi kalayan bantuan Arjuna. Tapi manéhna henteu langsung perlaya waktu harita; manéhna sempet hirup salila sawatara poé sarta nyaksian kaancuran para Kurawa. Manéhna ngaleupaskeun nafas panungtungan waktu panonpoé aya di kalér (Uttarayana).



Lol

Harti ngaran

Ngaran Bisma dina basa Sanskerta hartina "Manéhna anu ngalakonan sumpah beurat", alatan manéhna ngalakonan sumpah nu beurat (bhishan pratigya) baris hirup lalagasan salawasna sarta moal bakal narima warisan tahta karajaanana ti bapana. Ngaran Déwabrata diganti jadi Bisma alatan manéhna ngalakonan sumpah beurat ieu. Sumpah ieu dilakonan ku Bisma lantaran Bisma henteu hayang aya papaséaan antara manéhna jeung turunan Satyawati, indung téréna.

Kalahiran

Bisma mangrupa pawujudan salah sahiji ti Dalapan Wasu anu ngalakonan inkarnasi (nitis) salaku manusa anu lahir ti pasangan Dewi Gangga jeung Prabu Santanu. Nurutkeun buku Adiparwa, Dalapan Wasu ngajanggélék jadi manusa alatan kasupata lantaran gawénana anu geus maok sapi sakti milik Resi Wasista. Dina lalampahanana nuju ka bumi, maranéhanana papanggih jeung Dewi Gangga anu ogé rék turun ka dunya pikeun jadi pamajikan putera Raja Pratipa, nyaéta Santanu. Dalapan Wasu saterusna nyieun kasapukan jeung Dewi Gangga yén maranéhanana baris ngajanggélék salaku dalapan putera Prabu Santanu sarta dilahirkan ku Dewi Gangga. Bisma mangrupa pawujudan Wasu kadalapan nu ngaranna Prabhata.

Awal kahirupan

"Maotna Bisma". Lukisan ti buku Razmnama, atawa Mahabarata vérsi Persia.

Samentara tujuh lanceukna anu geus lahir maot alatan diteuleumkeun ka walungan Gangga ku indung maranéhanana sorangan, Bisma mah bisa salamet alatan polah indungna kaburu kanyahoan sarta dihalangan ku bapana. Satuluyna, Dewi Gangga naék ka surga mawa Bisma anu masih orok ninggalkeun Prabu Santanu sorangan. Sanggeus 36 taun ti harita, Sang Prabu henteu ngahaja manggihan anakna di hilir walungan Gangga. Dewi Gangga satuluyna mikeun éta budak ka Sang Prabu, sarta méré ngaran Déwabrata. Déwabrata satuluyna jadi pangéran anu calakan sarta gagah, ogé dicalonkan salaku pawaris karajaan. Tapi alatan jangjina ka Sang Dasapati, bapana Satyawati (indung téréna), manéhna réla pikeun henteu narima waris tahta sarta henteu kawin saumur hirup sangkan jaga turunanana henteu silih rebut tahta karajaan jeung turunan Satyawati. Alatan keihlasna kasebut, manéhna dibéré ngaran Bisma sarta disinugrahan layeut jeung Sang Déwa Waktu nu temahna manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan.

Bisma mibanda dua adi téré ti indung téréna (Satyawati) nyaéta Citrānggada jeung Wicitrawirya. Demi kabagjaan adi-adina, manéhna indit ka Karajaan Kasi sarta meunangkeun sayembara antukna hasil mawa balik tilu urang puteri nu masing-masing ngaranna Amba, Ambika, jeung Ambalika, pikeun didahupkeun ka adi-adina. Alatan Citrānggada pupus, mangka Ambika sarta Ambalika ngadahup jeung Wicitrawirya sedengkeun Amba mitresna Bisma tapi Bisma nampik asihna Amba alatan katalian ku sumpah yén manéhna rék lalagasan saumur hirup. Demi usaha pikeun ngajauhkeun Amba ti dirina, henteu kahaja manéhna mentangkeun panah nembus harigu Amba. Ku maotna éta putri, Bisma dibéré nyaho yén jaga Amba bakal nitis réeinkarnasi ka saurang pangéeran anu mibanda sipat kawanojaan, nyaéta putera Raja Drupada anu ngaranna Srikandi. Jaga maotna ogé aya di leungeun Srikandi anu mantuan Arjuna dina perang gedé di Kurusetra.

Atikan

Bisma diajar élmu pulitik ti Brihaspati, élmu Veda sarta Vedangga ti Resi Wasista, sarta élmu perang ti Parasurama (Ramaparasu; Rama Bargawa), saurang satria legéndaris sakaligus salah sahiji Chiranjīwin anu hirup langgeng saprak jaman Treta Yuga. Alatan guguru ka manéhna, Bisma jadi mahér dina ngagunakeun sagala rupa pakarang sarta lantaran kapinterna kasebut manéhna dipikasieun ku sakabéh lawanana. Bisma eureun diajar ka Parasurama alatan paadurenyom ngeunaan Amba. Dina waktu éta Bisma ngahaja nyurungkeun Parasurama nepi ka labuh, nya saprak harita Parasurama sumpah moal deui nampa murid ti kasta satria lantaran nyusahkeun.The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku I: Adiparwa

Peran dina Dinasti Kuru

Di lingkungan karaton Astinapura, Bisma pohara dipihormat ku anak-incuna. Henteu ngan alatan manéhna kolot, tapi ogé alatan kamahéranana dina widang militér sarta peperangan. Dina unggal perang, pasti manéhna sok meunang alatan geus pohara boga pangalaman. Yudistira ogé kungsi ngomong, yén euweuh anu sanggup ngéléhkeun Bisma dina perang sanajan lamun laskar Déwa sarta laskar Asura ngagabungkeun kakuatan sarta dipingpin ku Indra, Sang Déwa Perang.The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku VI: Bismaparwa.

Bisma pohara dipikacinta ku Pandawa jeung Kurawa. Maranéhanana ngahormat Bisma minangka saurang aki sakaligus kapala kulawarga anu wijaksana. Kadangkala Pandawa nganggap Bisma minangka bapa maranéhanana (Pandu), anu sabenerna geus pupus.

Perang di Kurusetra

Kresna béak kasabaran sahingga hayang maéhan Bisma ku leungeunnya sorangan, tapi dihalangan ku Arjuna.
 Artikel utama: Bhismaparwa.

Waktu perang antara Pandawa jeung Kurawa bitu, Bisma aya di pihak Kurawa. Sajongjonan saméméh perang, manéhna ngomong ka Yudistira yén dirina geus diperbudak ku kakayaan, sarta ku éta kakayaan Kurawa nalikung Bisma. Sanajan kitu, alatan Yudistira geus ngalakonan hohormat saméméh perang, mangka Bisma ngestokeun Yudistira sarta ngadu'akeun sangkan kameunang aya di pihak Pandawa, sanajan Bisma pohara hésé pikeun ditalukkeun. Bisma ogé kungsi ngomong ka Duryodana, yén cacak dirina (Bisma) ngabiluk Kurawa, kameunang geus pasti aya di pihak Pandawa alatan Kresna aya di ditu, sarta di mana waé aya Kresna mangka di dinya aya kabenaran sarta keuntungan sarta di mana waé aya Arjuna, di dinya aya kejayaan.The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku VI: Bismaparwa.

Dina perang gedé di lapangan Kurusetra, Bisma tarung kalawan hébat. Soldadu sarta satria anu ngalawanana pasti binasa atawa ngalaman tatu parna. Dina kitab Bismaparwa disebutkeun yén di dunya ieu para satria hésé nandingan kakuatanana sarta euweuh anu sanggup ngalawanana sajaba Arjuna – satria tukang panah anu kakoncara – sarta Kresna. Sanajan Arjuna ngabeunangkeun kasempetan pikeun ngalawan Bisma, tapi manéhna mindeng tarung satengah haté, lantara inget yén Bisma téh akina sorangan. Hal anu sarua ogé dirasakan ku Bisma, anu masih nyaah ka Arjuna, incu anu pohara dipikacintana.

Kresna anu jadi kusir karéta Arjuna dina peperangan, jadi ambek alatan dangong Arjuna anu ajrih kénéh pikeun nelasan pati Bisma, sarta manéhna nekad rek nelasan Bisma ku leungeunna sorangan. Kalayan panon anu moncorong seukeut mancarkeun kaambek, manéhna muter-muter chakra di luhur leungeunna sarta museurkeun perhatian pikeun ngécéng beuheung Bisma. Bisma henteu nyingkah, tapi malahan bagja lamun bisa gugur di leungeun Madhawa (Kresna). Nempo hal éta, Arjuna nyusul Kresna sarta usaha metot suku Kresna pikeun ngeureunkeun léngkahna.

Bari hanjelu jeung sora nu pegat-pegat, Arjuna ngomong, "Oh akang Kesawa (Kresna), ulah gamparan ngaletak ciduh ucapkan saméméhna! Gamparan geus ngedalkeun jangji yén moal milu perang. Oh akang Madawa (Kresna), lamun akang nuluykeun niat gamparan, jalma-jalma baris ngomong yén gamparan tukang linyok bohong. Kabéh penderitaan alatan perang ieu, keun waé dewk anu bakal nanggung! Kuring anu baris nelasan engkong anu dipihormat éta, lamun dwk maehan kolot bakal jadi anak doraka !..."

Kresna henteu némbalan sanggeus ngadéngé kecap-kecap Arjuna, manéhna ngabolaykeun niatna sarta naék balik ka luhur karétana.

Pati

Saméméh poé maotna, Pandawa sarta Kresna ngadatangan kémahna Bisma dina mangsa peuting pikeun maluruh kalemahna. Bisma weruh yén Pandawa sarta Kresna geus asup kana kémahna sarta manéhna ngabagéakeun maranéhanana kalayan soméah. Sabot Yudistira nanyakeun naon anu bisa dipigawé pikeun ngéléhkeun Bisma anu kacida dipihormat ku Pandawa, Bisma némbalan:

...kanyahokeun pantangan éyang, yén éyang moal narajang hiji jalma anu geus miceun pakarang, ogé anu labuh tina karétana. Éyang ogé moal narajang maranéhanana anu pakarangna leupas tina leungeun, moal narajang jelema anu bendéra lambang kebesarannya ancur, jelema anu mawa lumpat diri, jelema dina kaayaan sieun, jelema anu takluk sarta ngomong yén manéhna nyerah, sarta éyang ogé moal narajang saurang wanoja, ogé hiji jalma anu ngaranna kawas wanoja, jelema anu lemah sarta teu sanggup ngajaga diri, jelema anu ngan ngabogaan saurang anak lalaki, atawa ogé jelema anu keur mabok. Éyang sungkan tarung jeung éta kabéh...The Mahabharata of Krishna Dwaipayana Wyasa. Buku VI: Bismaparwa.

[[Berkas:Bhismaarrowbed.jpg|right|300px|thumb|Bisma saré kalayan awak anu karancang ku ratusan panah bari méré piwejang ka Pandawa jeung Kurawa.]] Bisma ogé ngomong lamun pihak Pandawa hayang ngéléhkeunana, maranéhanana kudu nempatkeun hiji jalma anu ngajadikeun Bisma sungkan pikeun tarung di hareupeun karéta Arjuna, alatan manéhna yakin ngan Arjuna sarta Kresna anu sanggup ngéléhkeunana dina peperangan. Kalayan nyumput di tukangeun jelema anu ngajadikeun Bisma sungkan jurit, Arjuna kudu sanggup ngalumpuhkeun Bisma ku panah-panahna. Nujul kana katerangan kasebut, Kresna nyadarkeun Arjuna ngeunaan kawajibanana. Sanajan Arjuna ajrih kénéh, tapi manéhna kudu ngaréngsékeun pancén kasebut. Dina poé kasapuluh, Srikandi narajang Bisma, tapi Bisma henteu ngalawan. Di tukangeun Srikandi, Arjuna mentangkeun panah-panahna anu hébat sarta hasil ngalumpuhkan Bisma. Panah-panah kasebut mebes sarta nembus baju beusina, saterusna Bisma lagrag tina karétana, tapi awakna henteu antel kana taneuh lantaran disoko ku puluhan panah anu mebes dina awakna. Tapi Bisma henteu gugur saharitaeun alatan manéhna kaci nangtukeun waktu maotna sorangan. Bisma ngaleupaskeun nafas pamungkasna sanggeus manéhna nyaksian ancurna pasukan Kurawa sarta sanggeus manéhna méré piwejang ka Yudistira sanggeus perang Baratayuda réngsé.

Riwayat

Bisma nyaéta anak Prabu Santanu, Raja Astina jeung Dewi Gangga. Waktu leutik ngaranna téh Radén Déwabrata anu hartina turunan Barata anu luhur. Manéhna ogé miboga ngaran séjén nyaéta Ganggadata. Manéhna nyaéta salah sahiji inohong wayang anu henteu kawin anu disebut ku istilah Brahmacarin. Dumuk di patapaan Talkanda. Bisma dina pawayangan digambarkan salaku saurang anu sakti, di mana sabenerna manéhna téh mibanda hak kana tahta Astina tapi alatan kahayang anu luhur ti dirina demi nyingkahan perpecahan nagara Astina manéhna rela henteu jadi raja.

Resi Bisma pohara sakti mandraguna sarta réa anu taluk ka manéhna. Manéhna miluan sayembara pikeun meunangkeun putri pikeun Raja Astina sarta ngaboyong 3 putri. Salah sahiji putri anu dibeunangkeunana nyaéta Dewi Amba. Dewi Amba tétéla mitresna Bisma. Bisma henteu bisa nampa kaasih Dewi Amba alatan manéhna ngan wawakil pikeun ngabeunangkeun Dewi Amba. Tapi Dewi Amba tetep keukeuh ngan daék kawin jeung Bisma. Bisma ogé nyingsieunan Dewi Amba ku pakarang saktina anu malahan henteu ngahaja nelasan Dewi Amba. Dewi Amba anu keur sakarat dikeukeup ku Bisma bari nyarita yén saéstuna dirina ogé mitresna Dewi Amba. Sanggeus roh Dewi Amba kaluar ti jasadnya saterusna ngomong yén manéhna baris mapag Bisma hiji waktu sangkan bisa babarengan di alam séjén sarta Bisma ogé nyangupan. Dicaritakeun yén roh Dewi Amba nitis reinkarnasi ka Srikandi anu baris maéhan Bisma dina perang Baratayuda.

Dicaritakeun, waktu manéhna lahir, indungna moksa ka alam baka ninggalkeun Déwabrata anu masih orok. Bapana prabu Santanu saterusna néangan wanoja anu daék nyusuan Déwabrata nepi ka di nagara Wirata papanggih jeung Dewi Durgandini atawa Dewi Satyawati, pamajikan Parasara anu geus ngalahirkeun Resi Abiyasa. Sanggeus Durgandini pipirakan, manéhna dijadikeun permaisuri ku Prabu Santanu sarta ngababarkeun Citrānggada jeung Wicitrawirya, anu jadi baraya Bisma sabapa ngan béda indung.

Sanggeus ngadahupkeun Citrānggada jeung Wicitrawirya, Prabu Santanu turun tahta jadi patapa, sarta digantikeun ku anakna. Hanjakal dua anakna saterusna maot sacara runtuy, ku kituna tahta karajaan Astina sarta randa Citrānggada jeung Wicitrawirya dibikeun ka Abiyasa, putra Durgandini ti salaki kahiji. Abiyasa anu saterusna nurunkeun Pandu jeung Dretarata, kolot Pandawa jeung Kurawa. Demi jangjina ngabéla Astina, Bisma mihak ka Kurawa sarta gugur katelasan ku Srikandi dina perang Baratayuda.

Bisma mibanda kesaktian nu tangtu, nyaéta manéhna bisa nangtukeun waktu maotna sorangan. Mangka sabot geus sakarat kakeunaan ku panah, manéhna ménta hiji tempat pikeun ngedéng. Kurawa méré tempat saré anu méwah tapi ditolak ku Bisma, tungtungna Pandawa méré ujung panah minangka alas saréna (kasur panah) (sarpatala). Tapi manéhna tacan hayang maot, hayang nempo ahir tina perang Baratayuda.

Tempo ogé

Rujukan

Tumbu kaluar

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa

Read other articles:

Colombian politician and anthropologist Vera Grabe LoewenherzVera Grabe in 2014.Senator of ColombiaIn officeJuly 20, 1991 – July 20, 1994Member of the Colombian Chamber of RepresentativesIn office1990–1991 Personal detailsBorn1951Bogotá, DC, ColombiaPolitical partyM-19 Democratic AllianceOther politicalaffiliationsSocial and Political Front (associated with)Alma materUniversity of ValleUniversity of the Andes (Master's)University of Granada (Doctorate)ProfessionAnthropologist, P...

محمد رفيق طرار (بالأردوية: مُحمَّد رفیق تارڑ)‏  مناصب رئيس المحكمة العليا في لاهور   في المنصب6 مارس 1989  – 31 أكتوبر 1991  كبير قضاة المحكمة العليا الباكستانية   في المنصب17 يناير 1991  – 1 نوفمبر 1994  عضو مجلس الشيوخ الباكستاني   في المنصب1997  – 1998  رئيس باكست

2008 Monegasque general election ← 2003 3 February 2008 2013 → 24 seats in the National Council13 seats needed for a majority Party Leader % Seats +/– UM Stéphane Valeri 52.20 21 0 Rally & Issues 40.49 3 0 President of the National Council before President of the National Council after Stéphane ValeriUP Stéphane ValeriUP Politics of Monaco Constitution Human rights Monarchy Prince (list) Albert II Prince Jacques Princely family Succession Crown Council Executive...

Ada-und-Theodor-Lessing-Volkshochschule Schulform Volkshochschule Gründung 1919 Adresse Burgstraße 14 Ort Hannover Land Niedersachsen Staat Deutschland Koordinaten 52° 22′ 22″ N, 9° 43′ 52″ O52.372759.73101Koordinaten: 52° 22′ 22″ N, 9° 43′ 52″ O Träger Landeshauptstadt Hannover Leitung Jacqueline Knaubert-Lang Website www.vhs-hannover.de Das frühere Hauptgebäude am Theodor-Lessing-Platz, im Jahr 2011 zur San...

Kalamazoo, MIThe 1887-built Michigan Central Railroad depot in 2014General informationLocation459 North Burdick StreetKalamazoo, MichiganUnited StatesCoordinates42°17′44″N 85°35′03″W / 42.29556°N 85.58417°W / 42.29556; -85.58417Owned byCity of KalamazooLine(s)Amtrak Michigan LinePlatforms1 side platform, 1 island platformTracks2Bus stands20Bus operators Amtrak Thruway Greyhound Lines Indian Trails Metro TransitConstructionParkingYes; paidAccessibleYesOther ...

2014 Rally Argentina34º Rally ArgentinaRound 5 of the 2014 World Rally Championship season← Previous eventNext event →Host country ArgentinaRally baseVilla Carlos Paz, ArgentinaDates runMay 8 – May 11, 2014Stages14 (405.10 km; 251.72 miles)Stage surfaceGravelResultsOverall winner Jari-Matti Latvala Miikka Anttila Volkswagen MotorsportCrews29 at start, 23 at finish The 2014 Rally Argentina was the fifth round of the 2014 World Rally Championship season. The ...

Lord Alanbrooke (1947) Alan Francis Brooke, 1. Viscount Alanbrooke KG, GCB, OM, GCVO, DSO (* 23. Juli 1883 in Bagnères-de-Bigorre, Frankreich; † 17. Juni 1963 in Ferney Close, Hartley Wintney, Hants) war ein britischer Feldmarschall während des Zweiten Weltkriegs. Leben Er war der siebte und jüngste Sohn des britischen Naturforschers Sir Victor Brooke, 3. Baronet (1843–1891) aus dessen Ehe mit Alice Bellingham. Nach seiner Schulzeit besuchte er die Royal Military Academy Woolwich und t...

Портрет Кирила Григоровича Розумовського Творець: Помпео БатоніЧас створення: 1766Висота: 298 смШирина: 196 смМатеріал: олія на полотніЖанр: портретЗберігається: Частная колекцияМузей: Частная колекция «Портрет Кирила Розумовського» — маловідомий твір італійського ху

Alana Falk Alana Falk (* 19. Februar 1980 in Süddeutschland) ist eine deutsche Romanautorin, die auch unter den Pseudonymen Lily Oliver und Emilia Lucas schreibt. Inhaltsverzeichnis 1 Leben 2 Werke 2.1 Als Alana Falk 2.2 Als Lily Oliver 2.3 Als Emilia Lucas 3 Auszeichnungen 4 Weblinks 5 Einzelnachweise Leben Falk studierte Tiermedizin und übersetzte nach dem Studium eine Zeit lang Liebesromane. Seit 2013 schreibt sie hauptberuflich Liebesromane. Neben romantischer Fantasy, die unt...

Phi hành gia Apollo 17 Harrison Schmitt đứng cạnh một tảng đá tại Taurus-Littrow. Đá sao Hỏa, được xem bởi một tàu vũ trụ sao Hỏa chạy bằng năng lượng hạt nhân vào năm 2012 Hình ảnh chụp được của sứ mệnh Cassini-Huygens về Sao Mộc và mặt trăng Io của nó vào ngày 1 tháng 1 năm 2001 Kể từ khi thành lập năm 1958, NASA đã tiến hành nghiên cứu về một loạt các chủ đề. Do cấu trúc độc đáo c...

German football player and manager (born 1945) Beckenbauer redirects here. For the surname, see Beckenbauer (surname). Franz Beckenbauer Beckenbauer in 2019Personal informationFull name Franz Anton BeckenbauerDate of birth (1945-09-11) 11 September 1945 (age 78)Place of birth Munich, GermanyHeight 1.81 m (5 ft 11 in)Position(s) DefenderYouth career1951–1959 München von 19061959–1964 Bayern MunichSenior career*Years Team Apps (Gls)1964–1977 Bayern Munich 427 (60)1977...

«Hot n Cold» Sencillo de Katy Perrydel álbum One of the BoysPublicación 28 de septiembre de 2008  Unión Europea30 de septiembre de 2008  Estados Unidos24 de noviembre de 2008 Reino Unido Reino UnidoFormato Sencillo en CD, descarga digitalGrabación 2007-2008; Santa Bárbara, Estados UnidosGénero(s) Pop Dance pop Pop rock Synth popDuración 3:40Discográfica Capitol Records, Universal Music GroupAutor(es) Katy Perry, Dr. Luke y Max MartinProductor(es) Dr. LukeCertificació...

يفتقر محتوى هذه المقالة إلى الاستشهاد بمصادر. فضلاً، ساهم في تطوير هذه المقالة من خلال إضافة مصادر موثوق بها. أي معلومات غير موثقة يمكن التشكيك بها وإزالتها. (نوفمبر 2019) الدوري الإسباني الدرجة الثانية 1968–69 تفاصيل الموسم دوري الدرجة الثانية الإسباني  البلد إسبانيا  ال�...

Electronic musical instrument Telefunken Volkstrautonium, 1933 (Telefunken Trautonium Ela T 42 (1933–35)) a production version of the Trautonium co-developed by Telefunken, Friedrich Trautwein and Oskar Sala from 1931 onwards. The Trautonium is an electronic synthesizer invented[1] in 1930[2] by Friedrich Trautwein in Berlin at the Musikhochschule's music and radio lab, the Rundfunkversuchstelle.[3] Soon afterwards Oskar Sala joined him, continuing development until ...

Sartre: Romantic Rationalist First English edition coverAuthorIris MurdochCountryUnited KingdomLanguageEnglishSeriesStudies in modern European literature and thoughtSubjectJean-Paul SartrePublisherBowes & BowesPublication date1953Media typePrintPages78OCLC647083074 Sartre: Romantic Rationalist is a book by Iris Murdoch. Published in 1953 by Bowes & Bowes of Cambridge, it was Murdoch's first book and the first book about Jean-Paul Sartre's work to be published in English. Publicat...

El Consejo de Jefes de Estado y de Gobierno es el consejo conformado por los jefes de Estado y de gobierno de la Unasur. Este consejo fue el encargado de crear los consejos ministeriales de Unasur.[1]​ Generalmente este consejo lo preside por el Presidente Pro Témpore de la Unasur. Este consejo es el órgano más importante del organismo y es el encargado de establecer los lineamientos políticos, planes de acción, programas y proyectos del proceso de integración suramericana y decid...

Not to be confused with Château de la Motte-Husson. Aerial view of Chateau de la Motte looking north. Château de la Motte is a chateau located in the commune of Joué-du-Plain (Orne) in Normandy, France. The chateau began as a Viking motte-and-bailey castle and evolved into the 18th- and 19th-century chateau seen today. The two most noted families who owned the site were the Gabriel Montgommerys and the Nicolas Angos, but its role as a Resistance center in World War II may be its most notab...

Este artículo o sección se encuentra desactualizado.La información suministrada ha quedado obsoleta o es insuficiente.Este aviso fue puesto el 3 de agosto de 2022. Facultad de Recursos Naturales y Ciencias Silvoagropecuarias de la Universidad Iberoamericana de Ciencias y Tecnología1991-2020 Forma parte de Universidad Iberoamericana de Ciencias y TecnologíaFundación Fundación: 1991Cierre programado: 2020[1]​Fundador Dr. Iván Palavicino Hernández.LocalizaciónDirección Padre Mig...

American writer Jim MarrsMarrs in 2010Born(1943-12-05)December 5, 1943Fort Worth, Texas, U.S.DiedAugust 2, 2017(2017-08-02) (aged 73)Springtown, Texas, U.S.Occupation(s)JournalistAuthor James Farrell Marrs Jr. (December 5, 1943 – August 2, 2017) was an American newspaper journalist and New York Times best-selling author of books and articles on a wide range of alleged cover-ups and conspiracies.[1] Marrs was a prominent figure in the JFK assassination conspiracy theories c...

Sports arena in Kolding, Denmark Sydbank ArenaSydbank Arena in January 2018Former namesKolding Hallerne (1996–2015)Tre-For ArenaLocationKolding, DenmarkCoordinates55°27′52″N 9°28′38″E / 55.46444°N 9.47722°E / 55.46444; 9.47722OwnerKolding MunicipalityCapacity5,200 (main hall)ConstructionOpened1996Renovated2015Expanded2015TenantsKIF Kolding Sydbank Arena (formerly known as Kolding Hallerne and Tre-For Arena) is an indoor sports arena in Kolding, Denmark pr...