Bedilatawa Sanapangatawa Sinapang; rifle; Senapan nyaéta pakarang mékanik nu mibanda laras panjang.[1] Bedil ogé nunjul kana pakarang témbak nu dijieuna mangsa baheula. [2]
Bedil bisa dipaké mun dieusian pélor nu sok disebut ogé amunisi, gedé jeung leutikna proyéktil gumantung kana ukuran bedilna atawa kaliber.[3] Pelor bedil aya nu dijieun tina karét, timah, jeung pelor beusi nu seukeut.[4]
Istilah bedil asalna tina kecap wedil atau wediyal tina bahasa Tamil, urang Tamil ngagunakeun ieu kecap nuduhkeun kana sagala rupa pakarang nu ngagunakeun bubuk mesiu.[5] Dina kanyataan sapopoé, ieu kecap bedil dimaksudkeun kana mesiu atawa ngabeledugna sora mesiu.[5] Tapi ieu kecap disebutna jadi bedil ku basa Melayu, kitu deui di sababara daérah di kapuloan Nusantara.[5] Di basa Batak disebutna bodil, di bahasa Makassar, badili, di bahasa Bugis, balili, di bahasa Dayak, badil, di bahasa Tagalog, baril, sarta urang Melayu nyebutna badel atawa bedil.[6][7]
Sajarah
Bedil mangrupa hiji pamanggih tina kamekaran téknologi nu kacida penting utamana mangsa peperangan, taya lian mangsa renaissance harita kakuatan tantara gumantung kana sabaraha loba bedil nu dipibanda.[8]Abad ka 15 nepi ka abad 19 bedil geus mimiti dipaké, taya lian bedil lantak atawa lontak ogé disebut musket mangrupa bedil nu kasohor mangsa harita.[9] Pélor atawa amunisi ngan bisa dieusi sakali, jadi ngan bisa dipaké némbak keun timah panas ngan sakali.[9] Lamun hanyang nembakeun deui, pélorna jeung bubuk mesiu kudu di asupkeun deui ka jero solobong bedilna.[9]
Baheula gorombolan kapal-kapal VOC salawasna mekel bedil dina kapalna, gunana pikeun jaga-jaga bisi aya rampog di perjalanan ogé pikeun merangan bangsa pribumi mun teu daék diajak gawé bareng ku maranéhna.[8] Bangsa urang ogé kiwari geus bisa nyieun bedil sorangan, timiti bedil angin nepi ka bedil pikeun kabutuhan tentara.[10] Tayalian PT Pindad nu mangrupa hiji usaha nu dikokolakeun ku nagara, tujuanna ngahaja pikeun nyieun rupa-rupa pakarang sarta pakarang tempur kaasup bedil ogé dijieun.[10]
Bedil Angin
Bedil angin nu dijieun di Cipacing, Jatinangor, Sumedang geus kasohor ti taun 1960.[11] Rupa-rupa ukuran jeung wanda bedil angin dijieun di dieu, timimiti pikeun kabutuhan olah raga, paninggaran, malahan ngan ukur pangaresep dieu dijieun tur dijual ka balaréa malahan nepika luar pulo sagala.[11] Bedil angin rupa-rupa ukuran jeung kamampuhanna aya nu ukuran 3,5 mm nepika 15 mm, aya ogé bedil kaliber nu sasaran tembakna mimiti 50 m nepika 300 m.[12][13][14] Pélor bedil angin téh dijieun tina logam timah hideung (pb) 99,8% sésana 0,2 % dijieun tina logam arsen nu matak ngabahayakeun kana kaséhatan mun urang henteu tarapti dina ngagunakeunna.[15][13]
Sababara rupa pakarang nu digolongkeun bedil
Cetbang (mariem laras dua baheula disebut bedil)[16]
↑Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 28. Diakses tanggal (disungsi) 11 April 2020.
↑ abcKern, H. (January 1902). "Oorsprong van het Maleisch Woord Bedil". Bijdragen tot de taal-, land- en volkenkunde / Journal of the Humanities and Social Sciences of Southeast Asia54: 311–312.
↑Sunarto Tjahyadi, Dr Feryyanto Chaidir, Dr. Ing (2017). Data Arsitek Jl. 2 Ed. 33. Jakarta: Erlangga. p. 177. ISBN9789794115527. Diakses tanggal (disungsi - 12 April 2020).
↑ abPengembangan Media Kebudayaan (Indonesia), Proyek (1977). Adat istiadat daerah Bali. University of California: Proyek Pengembangan Media Kebudayaan, Departemen Pendidikan dan Kebudayaan. p. 367. Diakses tanggal (disungsi - 12 April 2020).
↑Dharma, Budi (1996). Nyonya Talis. University of California: Gramedia Widiasarana Indonesia. p. 27. ISBN9789795538424. Diakses tanggal (disungsi - 12 April 2020).