Akrilonitril-butadiena-stirena (ABS) nyaéta bahan Termoplastik anu diwangun tina graft/cangkokan kopolimér, maksudna molekul ieu diwangun tina ranté polibutadien anu kaluar tina bagéan tengah ranté tulang tonggong kopolimer stirena-akrilonitril (SAN) anu leuwih gedé pangaruhna di mana SAN anu henteu mibanda kantétan/(liontin) polibutadiena. Ieu dijieun ku jalan ngaleyurkeun polibutadiena dina ancuran akrilonitril jeung stirenamonomer anu satérusna polimerisasimonomer jeung pangantétna (inisiator radikal bebas). ABS ogé bisa dilakukeun sajéroeun prosés émulsi, anu mana ancuran latéks disayagikeun pikeun polibutadiena di dieu stirena jeung akrilonitril dihijikeun terus dikopolimerkeun. Jumlah anu loyog tina unggal kopolimer, panjang ranté kantétan polimer, jeung undakan interlinking bisa disaluyukeun ngajadi pageuh, ieu anu mangrupa sarat anu dipaké nyieun produk. Dasarna tilu komponén ieu méré kasaimbangan sipat, butadiena-na nambahan kana kakuatan dampak sipat heuras anu hadé, acrylonitrile-na mibanda sipat tahan panas, jeung stiréna méré kakuatan kopolimér. ABS dianggap hasil pangropéa plastik anu alus (nyaéta, bisa dijadikeun pilihan keur gaganti logam di bagéan struktural). Bahan ieu ogé bisa dijieun maké mesin injéksi, mesin blow, atawa diékstrusi.
Kopolimerakrilonitril-butadiena-stirena (ABS) Loba dimangpaatkeun kana pakakas rumah tangga, Elektronik, kandaraan (interior). Dasarna kopolimer stirena-akrilonitril diropéa ku butadiene rubber, ABS ngahijikeun kakuatan polibutadien anu heuras jeung teuas poliakrilonitril ditambah polystyrene. ABS geus dipatenkeun dina taun 1948 diwanohkeun ka pasar internasional ku Borg-Warner Corporation dina taun 1954.[1]
ABS téh stabil pikeun dekomposisi sajeroeun pamakéan jeung pangolahan polimer dina kaayaan normal di mana paparan karsinogen sahandapeun batas anu geus disaluyuan ditempat gawe. Tapi, dina panas suhu leuwih ti (400 °C) ABS bisa laleupasan deui komponenna: butadiene (karsinogenik bagi manusia), akrilonitril (mungkin karsinogenik bagi manusia), dan styrene.